15 March, 2010

NASKAH SIRAMAN



PEMBUKAAN
Bismillahhirrohmanirrohim, asashaduallaila haillalloh waashaduana muhamaddarasulullah.
Alhamdullillah, wasyukurillah
Sim kuring langkung tipayun,seja manjatkeun puja sinareng puji, ka gusti num aha suci, maha welas asih, wireh dina danguek ieu, mantena atos maparin kaanugrahan urang anu sami-sami hadir ditempat anu mulya ieu, mangrupi mangpirang-pirang nikmat anu tampawangenan, urang sadayana tiasa ruing mungpulung paamprok jonghok, patepang raray, dina suasana silaturahmi tur aya dina kaayaan sehat walafiat, ibu-ibu bapa-bapa anu dimulyakeun kualloh, mangga urang dikawitan ku maos bismillah...

NARASI

Nun gusti sembaheun abdi-abdi sadaya. Teu kendat-kendat abdi sadaya nyembahkeun, puji sinareng syukur ka pangeran gusti allohu robbul a’lamin.
Rehing ginanjar ni’mat nu teu kendat-kendat natrat manjang ti wiwit kun fayakun agung, dumugi kawangkid ieu anu sesah ngawincikna kinasihan gusti ka sugrining anu gumelip.
Saesining jagat lahir kalih jagat batin, ku jajaran kitu, dinten ieu abdi-abdi sadaya masih tiasa nyakseni kanan kajembaran gusti.
Wireh kantos parantos maparin kasalametan  rahmatan
Ka keluarga besar bapak……………… kalintang bagjana tiasa mapagonsn tepung rabi dina sareat kaislaman.
Mangga arang nyakseni kana sungkemna (pihak laki2 dan pihak perempuan) kanu janten ibu rama.
Mangga upacara sungkem dikawitan.


RAJAH

Bismillah seja sumujud ka Indung anu ngakandung.
Bismillah seja mumuja kabapa tangkal darajat.
Wiwitan gumelar lahir rawayan ka pawenangan.
Sumeja ngaras sampean.
Neda ridzoning Pangeran.

AYUN AMBING

Ayun ayun ambing.
Di ayun-ayun kusamping.
………………anu kasep/anu geulis.
Yap kadiue urang ngariung.
Dianti ti tadi, dianti-anti ti tadi.
Teu karasa hidep teh nincak sawawa.
Basa……………ditimang jeung dihuapan.
Diibakan kumamah teterejelan.
Mamah rek ngibakan nu pamungkas.

NARASI PANGANTEN ( Ka Ibu Rama )

Duh…Ibu anu kuabdi dipunjung satutup umur.
Kanggo abdi suda pibasaeun anu payus dipiunjuk ka Ibu.
Ti kawit abdi dialam rahim dugi kaluminjing dialam lahir.
Abdi anu saestu mung bobot anu ngabotkeun kakersa ibu.
Siang wengi abdi dijaga, wengi abdi diaping didama-dama ku du’a.
Dinten ieu abdi kasaksen kusadaya anu nyakseni.
Abdi kenging anugrah illahi robbi anugrah jodo pidu’a Ibu.
Ibu cipanon abdi cipanon ku karumaosan cipanon karisi ati
hate geusan ngedalkeun rasa syukur ka hadirat illahi robbi anu maparin jodo ka mustikaning ati.
Bral anaking miang laki rabi jajap ku du’a.
Sing waluya awet jodo, sing sugih kuasih illahi robbi.
Sing beunghar kuharta, sing jegud ku elmu, sing alus mulus turunan, sing sabilulungan jeung dulur, sing hade ka caroge, sing heman kabaraya, sing galimet jeung kuring leutik, sing hormat ka purwa kalih pamedaling diri, sing gumati kapapagon illahi, ulah tinggaleun ibadah……
Bral………anaking miang laki rabi tur janik dunya aherat.

JEMPLANG TITI

Duh mamah pujaan kalbu.
Sembaheun………saestu.
Rumaos………rumaos.
Kurang tata seueur dosa.
Kasalira dampal mamah   2x
Salawasna ngadoreksakeun.
Kasalira dampal mamah.

Tina ati sanubaru.
Jisim abdi neda ampun.
Tilahir dugi kabatin.
Neda jembar pangapunten.
Neda widi jatuk rami.
Pidu’a anu kasuhun.

PUPUNDEN ATI ( ngumbah sampean Ibu )

Duh anak Ibu.
Nugeulis pupunden ati.   
Bade rendengan.
Jatuk rami pangantenan.
Muga rahayu mulus bangles.
Salawasna jembar panalar.
Sing salamet lahir batin.


Bral geura jengkar.
Mapay tapak lelembutan.
Deuk sauyunan.
Jeung………panutan……
Silih eledan.
Silih simbeuh ku kaasih.
Sakulawargi ngadu’akeun.
Beurang peuting.

JEMPLANG TITI ( Sungkem ka Rama )

Duh Bapa sembaheun abdi.
Cukang lantaran gumelar.
Nampi nuhun laksa katon.
Katresna neda widina.
Sumeja sungkem sumujud.

NIMANG

Puji syukur kayang agung.
Ka illahi maha suci.
Mugi Gusti nangtayungan.
Kasugri anu kumelip.
Mugi Gusti ngahapunten.
Ka dosa-dosa sim abdi.
Mugi Gusti welas asih.
Ka pun Biang sareng pun Bapa.

4 comments:

  1. siipp..haturnuhun

    ReplyDelete
  2. kang, bade tumaros.. dupi upami abdi bade nikah mung kumargi abdi teu tangtos ngartos kana adat siraman, janten dinten sateuacan akad mung pangaosan sareng sungkem. naskah sungkum nu ku akang tulis di luhur eta tiasa dianggo kang??

    ReplyDelete
  3. cik ayi manawi gaduh versi mp3 na..

    ReplyDelete
  4. Alhamdulillah...
    Sae kang... nambihan pangartos kanggo sim kuring saestu tina adat budaya sunda wabil khusus tina raraga prosesi pernikahan.

    Hatur nuhun, mugia janten ibadah tur barokah... Aamiin.

    ReplyDelete