15 March, 2010

Naskah Upacara Adat Sunda


Overture:
Gending khusus

Narasi:
Jeung diantara tanda-tanda kakawasaanana
Geus diciptakeun pikeun aranjeun
Pasangan hirup diantara aranjeun
Rasa asih diantara aranjeun
Sangkan aranjeun aya dina katingtriman

Rajah lengser (amitan)
Rampak sekar:
Tah sora goong ngungkungan aya naon aya naon 2X
Tah sora-sora bewara tah sora goong tanggara tanggara reujeung bewara
Paheut hiji subaya

Nu pasini jatuk rami ayeuna dugi kawanci
Nu paheut ngeuyeuk kadeudeuh ayeuna parantos rawuh
Dipapag dibageakeun bagea wilujeng sumping calon rajaning sadinten
Nulinggih di istrenan

Solo:
Pun sapun uwa hampura
Manawi tatamu saha
Rumaos uwa leleda
Sakedap antosan heula uwa tumut kasalira
Seja ngembarkeun bewara kasakumna balarea
Pun sapun
Uwa nebarkeun sumping
Tuh atra ngaleut ngalabring
Der gending geura ramekeun
Bral miang geura papageun
Bur payung geura bukakeun 3X

Gending umbul-umbul/ibing baksa:
Sampak/gending khusus (keringan)
Gending payung (pangapungan):
Samapiung ngapung ka manggung
Ngapak mega ngawang-ngawang burudul
Budul saalung baju barabay
Sawidak deupa rup kusambut rap ku lemah
Kadingdingan indung peuting kahalangan mega malang
Enggeus…
Rentong sagede papatong reuntas sagede bangbara
Tarik batan mimis bedil
Reuntas batan kuda lumpat
Awak wawuh jeung nulembut
Awak loma juragan
Duh jeung dewata

Gending lengser (khusus)
Lengser midang (Gudril):
Uwa lengser 2X
Geus miang mapag nugandang
Leumpangna rurusuhan
Bangun taya karingrang
Diudag-udag kalangkang 2X

Gending mayang (pajajaran):
Nagri mashur pajajaran
Patilasan siliwangi
Jung nanjung 2X
Panganten sing nanjung
Mugi gusti nangtayungan

Tawur kembang (bunga):
Catrik:
Ditawur kembang malati
Sengitna tisanubari
Nuseyngit kanggo salira
Tiwargi sadaya
Sing asih kembang katresnan
Nu medal nalelembutan
Hariring kanggo salira
Tiwargi sadaya

Kulu-kulu:
Haturan jimat awaking
Panganten teh gening sumping
Hidep nu dianti-anti
Nyumponan jangji pasini

Ditawur kembang malati
Seungit kembang mawar sari
Nu seungit kanggo salira
Ti abdi-abdi sadaya

Baheula mah nelengnenggung
Ayeuna jalugjug jangkung
Baheula mah nelengneggung
Ayeuna kabale nyungcung

Kalung bunga:
(jemplang titi)

Tari persembahan (merak):
Gending hkusus lagu catrik

Sholawatan:
Shollalloh ‘ala Muhammad
Shollalloh ‘alaihiwasallam 2X

Panutup

1 comment: